← back to home

Yowis Ben


Yowis ben premiere

Supados saragam, sim kuring ngangge basa daerah oge nulisna.

Sapanjang emutan, di indonesia teu acan aya film layar lebar anu diproduksi ku PH ageung, nganggo basa daerah anu kentel, baheula aya film kabayan (saréng lajenganna), Glen Kemon. dua film eta ngangge budaya sunda, ngan teu ngangge basa sunda sadayana, ieu siga basa indonesia anu diselipkeun basa sunda (kabayan, glen kemon diproduksi ku PH nu sami sareng film anu bade sim kuring carioskeun).

Kaping 20 februari kamari, pribados dongkap ka acara pamutaran perdana film Yowis Ben, film ieu nganggo basa jawa kinten-kinten 80-90%, pamaenna hampir sadayana nganggo basa jawa dina nyariosna.

Film ieu nyaritakeun perkawis barudak sma, kinten-kinten yuswa 16 - 17, dina yuswa sakitu, biasana barudak teh hoyong ngabuktikeun yen manehna teh tiasa kenging kabogoh anu janten idola di sakolana, ai sejen hoyong ngabuktikeun bakat musikna, lianna, ngabuktikeun ka ibu ramana yen manehna teh tiasa gaduh prestasi.

Mereun siga nu biasa wae caritana, tapi keheula, ieu didamelna apik, sae, lucu, banyolanna kenging, sanajan pribados teu tiasa nyarios jawa, mung ngartos sakedik (basa sunda sareng jawa aya nu sami kata-katana), mun aya nu teu ngartos aya tarjamahanna (salut kanggo usahana). Film ieu oge ngenalkeun kota Malang, sareng Batu anu bersih, rapih, sareng seeur tempat wisata anu tiasa didatangan, ti mulai wisata daerah Batu dugi ka kampung tridi sareng kampung warna-warni.

Mun ditaros bentangna, 1 dugi 5, sim kuring masihan 5, sanes kusabab ieu didamel ku saderek, tapi da emang sae, rame, lucu. Bayu, Joshua, Tutus, Brandon sukses ngadamel film ieu hirup, ditambih ku lakon sejenna anu nambah carita ieu leuwih hirup.

Yowis Ben diputer di bioskop kaping 22 Februari.

Cape oge nulisna!


Tags: #sunda, #movie